Catatan rahmat suhendi adalah sebuah blog yang menginspirasi betapa pentingnya mwnulis. Menelaah dan membaca apa yang ada didalam buku. Di sekitar. Serta yang ada dalam pikiran
Saturday, March 16, 2019
Lubabul hadis
Terjemah Lubabul Hadits (Matan Tanqihul Qaul) Bahasa Sunda (Pembukaan)
- Mei 25, 2018
بسم الله الرحمٰن الرحيم
الحمد
ari sadaya puji
لله
eta kagungan gusti Allah
رب العالمين
anu ngurus sadayana alam
والعاقبة
Jeung tetep balesan (anu sae)
للمتقين
pikeun jelema anu taraqwa
ولا عدوان
Jeung teu aya siksa
إلاّ على الظالمين
anging (kecuali) kangge jalmi anu dolim
. والصلاة
mugi-mugi masihan rohmat gusti
والسلام
sareung kasalmetan
على خير خلقه
ka pangsaena makhluq
محمد
tegesna kangjeung nabi Muhammad SAW
، وعلى آله
sareung ka kulawargina
وصحبه
sareung ka sohabatna
أجمعين
sadayana pisan teu diwiji-wiji (beda-beda)
(أما بعد)
saparantosna kitu
فإني أردت
abdi ngamaksad
أن أجمع
ngempelkeun (ngadambel)
كتابا
hiji kitab
للأخبار
anu diisian ku hadits
النبوية
kangjeung Nabi (Muhammad SAW)
، والآثار
jeung atsar (perkataan ulama/sahabat)
المروية
anu diriwayatkeun
، بإسناد صحيح
ku sanad anu shoheh
وثيق
jeung anu kapercaya
، فحذفت الأسانيد
teras abdi miceun kana sanad-sanadna
، وجعلته
sareung ngajanteunkeun abid kadinya (kana kitab)
أربعين بابا
janteun 40 bab
، في كل بابٍ
dina satiap bab
عشرةُ أحاديثَ
aya sapuluh hadits
، وسميته "لباب الحديث"
teras abdi nganamiannana (ieu kitab) "Lubabul Hadits"
. وأستعين
sareung abdi nyuhunkeun pitulung
بالله
ka gusti Allah
العظيم
anu agung
على القوم الكافرين
ka jelema-jelema kafir
Bab taubat
Ringkasan Kajian dalam Rekaman ini: Kitab Riyadush Shalihin
Hadits ke-22 Bab Taubat
22- وعن أبي نجيد- ضم النون وفتح الجيم – عمران بن الحصين الخزاعى رضي الله عنهما أن
امرأة من جهينة أتت رسول الله صلى الله عليه وسلم وهى حبلى من الزنى، فقالت: يا رسول الله
أصبت حدًا فأقمه علي، فدعا نبي الله صلى الله عليه وسلم وليها فقال: أحسن إليها، فإذا وضعت
فأتني، ففعل فأمر ا نبي الله صلى الله عليه وسلم، فشدت عليها ثياا، ثم أمر ا فرجمت، ثم صلى
الله عليه وآله وسلم عليها. فقال له عمر: تصلى عليها يا رسول الله وقد زنت، قال: لقد تابت
توبة لو قمست بين سبعين من أهل المدينة لوستعتهم، وهل وجدت أفضل من أن جادت بنفسها
لله عز وجل ؟! ” رواه مسلم.
22- Saur Umar Bin Husain R.a aya saorang istri bangsa Juhainah (nami suku bangsa di Madinah) sumping ka Rosul صلى الله عليه وسلم dinu kaayaan hamil dinu kaayaan ngandung hasil tinu zinah, eta istri nyarios “Ya Rosulullah abdi tos ngalakukeun hiji padamelan anu kedah di hukum, laksanakeun eta hukumna teh ka abdi (janten ieu ustri sumping ka rosul صلى الله عليه وسلم nyuhungkeun di hukum kusabab ngalakukeun zinah nyaeta di rajam, di rajam teh nyaeta di kubur sapalih badanna dina taneuh ditolokeun bagian mastaka sareng sapalih badanna teras dibaledogan, dibaledoganna ku batu anu ukuranna sedeng dugi ka maot, atanapi teu di kedah kubur tapi sina nangtung di tempat anu luas teras di baledogan dugi ka maot), teras Rosul صلى الله عليه وسلم nyauran ieu ramana si istri teras anjeunna ngadawuh “perlakukeun istri ieu teh kalawan sae, upami ieu istri tos ngalahirkeun candak deui ka dieu” (janten teu di rajam harita keneh kumargi di istri eta aya orok anu teu tuah teu dosa nu ngagaduhan hak hirup da nu dosana mah kolot kolotna) teras ieu paranteh teh di laksanakeun jeung di candak deui ieu istri ….
Bab taubat
Ringkasan Kajian dalam Rekaman ini: Kitab Riyadush Shalihin
Bab Taubat (باب التوبة) – Hadits Ke-19 bagian 1
وعن†زر†بن†حبيش†قال: أتيت†صفوان†بن†عسال†رضي†الله†عنه†أسأله†عن†المسح†على†الخفين
فقال: ما†جاء†بك†يازر؟†فقلت: ابتغاء†العلم،†فقال: إن†الملائكة†تضع†أجنحتها†لطالب†العلم†رضي
بما†يطلب،†فقلت: من†أصحاب†النبي†صلى†الله†عليه†وسلم†،†فجئت†أسألك: هل†سمعته†يذكر†في
ذلك†شيئًا؟†قال: نعم،†كان†يأمرنا†إذا†كنا†سفرًا- أو†مسافرين- أن†لا†نترع†خفافنًا†ثلاثة†أيام
ولياليهن†إلا†من†جنابة،†ولكن†من†غائط†وبول†ونوم. فقلت: سفر،†فبينا†نحن†عنده†إذ†ناداه†أعرابى
بصوت†له†جهورى: يا†محمد،†فأجابه†رسول†الله†صلى†الله†عليه†وسلم†نحوًا†من†صوته: “هاؤم”
فقلت†له: ويحك†اغضض†من†صوتك†فإنك†عند†النبي†صلى†الله†عليه†وسلم†،†وقد†يت†عن†هذا!
فقال: والله†لا†أغضض. قال†الأعرابى: المرء†يحب†القوم†ولما†يلحق†م؟†قال†النبي†صلى†الله†عليه
وسلم: ” المرء†مع†من†أحب†يوم†القيامة” فما†زال†يحدثنا†حتى†ذكر†بابًا†من†المغرب†مسيرة†عرضه†أو
يسير†الراكب†في†عرضه†أربعين†أو†سبعين†عامًا. قال†سقيان†أحد†الرواة†قبل†الشام†خلقه†الله†تعالى
يوم†خلق†السشماوات†والأرض†مفتوحًا†للتوبة†لا†يغلق†حتى†تطلع†الشمس†منه” ((رواه†الترمذي
وغيره†وقال: حديث†حسن†صحيح)).
hadits ieu katampi ti Zir bin Hubaisy netelakeun : abdi dongkap ka Sofwan bin ‘Asal, abdi naros ka anjeunna tata cara ngusap dua sapatu (maksadna nalika urang ngusap sapatu keur wudhu), saur Sofwan “bade naon anjeun ka dieu hai Zir?” saur Zier “abdi ka dieu bade milari elmu” maka saur Sofwan “saestuna para malaikat nyimpen jangjangna kanggo jalmi anu nungtut elmu, sabab ridho kana naon naon anu di tungtut ku eta jalmi”. saur Zir ” aya karaguraguan dina raga kuring ngenaaan ngusap dua sapatu saatos miceun atanapi kahampangan teras wudhu teu muka sapatu, kuring teh salah sawios sahabat nabi صلى الله عليه وسلم kuring datang ka anjeun naha anjeun nguping teu nabi صلى الله عليه وسلم kantos cumarios ngeunaan hal ieu ?” diwaler “leres, kapungkur nabi صلى الله عليه وسلم miwarang urang sadaya upami nuju safar supados teu ngalaan sapatu sapatu abdi sadaya salami 3 dinten 3 wengi kajabi upami junub, namun upami batalna wudhu teh ku sabab miceun atanapi kahampangan atanapi kulem maka nembe di usap, upami junub mah kedah di buka teras kedah ibak”. Kuring naros deui “naha anjeun pernah teu nguping nabi صلى الله عليه وسلم cumarios ngenaan hawa nafsu ?” di waler “leres harita urang sareng nabi صلى الله عليه وسلم nuju safar, nalika abi nuju di gigireunnana dak dumadak aya arab baduy ngagorowok ku suara anu kalintang tarik na ‘ Hei Muhammad’ terus kuring ngadawuh hey cilaka anjeun launan eta suara teh ……..
Subscribe to:
Posts (Atom)
Catatan rahmat suhendi
avenged sevenpold the stage
Avenged Sevenfold - The Stage So I arrived, naked and cold A welcomed change from the abeyance of a ghost town catacomb No need for cou...
Postingan terpopuler
-
بَابُ الصَّلَاةِ BAB SHALAT هِيَ شَرْعًا: أَقْوَالٌ وَ أَفْعَالٌ مَخْصُوْصَةٌ، مُفْتَتَحَةٌ بِالتَّكْبِيْرِ مُخْتَتَمَةٌ بِالتَّسْلِي...
-
Avenged Sevenfold - The Stage So I arrived, naked and cold A welcomed change from the abeyance of a ghost town catacomb No need for cou...
-
Ringkasan Kajian dalam Rekaman ini: Kitab Riyadush Shalihin Hadits ke-22 Bab Taubat 22- وعن أبي نجيد- ضم النون وفتح الجيم – عمران بن الحصي...
-
114. TERJEMAH KITAB FATHUL MU'IN: BAB. MAQADIMAH بسم الله الرحمن الرحيم ﺍﻟﺤﻤﺪ ﻟﻠﻪ ﺍﻟﻔﺘﺎﺡ ﺍﻟﺠﻮﺍﺩ، ﺍﻟﻤﻌﻴﻦ ﻋﻠﻰ ﺍﻟﺘﻔﻘﻪ ﻓﻲ ﺍﻟﺪﻳﻦ ﻣﻦ ...
-
ِAvenged Sevenfold (sering juga ditulis A7X) adalah grup musik Hard rock Amerika Serikat yang dibentuk pada tahun 1999. Grup musik ini beras...
-
Bab 1 باب الإخلاص وإحضارالنية فى جميع الأعمال والاقوال البارزة والخفية Keikhlasan Dan Menghadhirkan Niat Dalam Segala Perbu...
-
Tahukah Anda satu rahasia sukses terbesar yang harus kita ketahui bila ingin segera merasakan kesuksesan luar biasa dalam hidup ini? Ya, ...
-
BAHTERA KESELAMATAN Ushuluddin Dan Fiqh Dasar Didalam Madzhab al-Imam al-Syafi'i السفينة النجاه Allah Subhanahu ...